Jumat, 10 Oktober 2014

Kumpulan Artikel Berbahasa Sunda

Kumpulan Artikel Berbahasa Sunda

Apa kabar rencang-rencang. teman-teman yang sudah menunggu tugas-tugas alin yang belum di Posting, hehe ada permintaan dari salah satu teman pengen tugas alin diposting, biar mereka bisa mudah cari, ya ga apa apa lah, alin kasih tapi maaf di akhir ya.. Tapi di cicil aja ya, ini baru tugas Basa Sunda dari Ibu H. ida. Kumpulan Artikel Berbahasa Sunda. ada 8 artikel yang alin posting dari berbagai sumber tentunya, lumayan lah nambah-nambah.
langsung saja.. silakan Copas :)




ARTIKEL 1
INTERNET
Dina harti umum, internét (maké aksara leutik "i", singgetan tina inter-network) ngarupakeun jaringan komputer nu nyambungkeun sababaraha jaringan. Salaku hiji istilah nu mandiri, Internét ngarupakeun sistim komputer (kaasup informasi jeung layanan nu disadiakeun pikeun nu marakéna) umum nu kasambungkeun sacara internasional migunakeun suite TCP/IP tina protokol komunikasi panyaklaran paket. Ku kituna, internet panggedena sacara basajan disebut Internet. Seni nyambungkeun jaringan-jaringan ku cara ieu disebutna internetworking.
Dina basa sapopoé, Internét kadang nujul ka layanan World Wide Web, surat éléktronik, jeung ngobrol online nu aya na Internét.
Ngacambahna bibit Internét dimimitian dina taun 1969 ku ayana ARPANET nu diwangun ku Advanced Research Projects Agency (ARPA), Departemén Pertahanan Amérika Sarikat.
Sababaraha panalungtikan munggaran nu nyumbang ka ARPANET nyéta gawé dina desentralisasi jaringan, teori antrian, jeung packet switching.
Tanggal 1 Januari, 1983, ARPANET ngarobah inti protokol jaringanana tina NCP ka TCP/IP, nandakeun awal Internét sakumaha nu ayeuna urang apal.
Léngkah penting séjén dina ngembangna Internét nyaéta ku ayana National Science Foundation's (NSF), NSFNet, taun 1986.
Internét diadegkeun babarengan ku kontrak komérsil bi- atawa multilateral.
Internét ogé mibanda pangaruh nu nyosok jero ka na pangaweruh jeung sawangan dunya.Dibandingkeun jeung énsiklopédi sarta pabukon tradisional, Internét mintonkeun hiji desentralisasi informasi jeung data nu dadakan sakaligus ékstrim.
Basa nu utama dipaké dina komunikasi di Internét umumna Inggris, dumasar ka bibit buitna, kailaharan basa program software, jeung sabab kalemahan komputer heubeul dina narima karakter-karakter lian ti alfabét kulon. Cara akses Internét nu umum digunakeun di imah-imah nyaeta dial-up jeung broadband.



ARTIKEL 2
ANGKLUNG
nyaéta alat musik tradisional Sunda nu dijieun tina awi, dimaénkeun ku cara dieundeukkeun (awak buku awina neunggar sarigsig) sahingga ngahasilkeun sora nu ngageter dina susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranana, boh nu badag atawa nu leutik. Laras (nada) nu dipaké angklung tradisional Sunda biasana saléndro jeung pelog.

Sajarah

Dina kasenian Sunda, nu migunakeun alat musik tina awi di antarana angklung jeung calung. Anapon awi nu sok dipaké nyieun ieu alat musik biasana tina awi wulung (awi nu kelirna hideung) jeung awi temen (kelir bodas). Sada nu kaluar tina angklung jeung calung asalna sarua, nyaéta tina solobong awi nu ngelentrung lamun ditabeuh (diadu).
Angklung geus dipikawanoh ku masarakat Sunda ti jaman karajaan Sunda, di antarana pikeun ngagedurkeun sumanget dina pangperangan. Fungsi angklung pikeun ngahudang sumanget ieu jadi sabab dicaramna ieu kasenian ku pamaréntah jajahan Hindia Walanda.
Kasenian angklung kiwari leuwih mekar deui, ku ayana unsur ibing luyu jeung kapentinganana, misalna dina upacara ngarak paré kana leuit (ngampih paré, nginebkeun) jeung dina mangsa mitembeyan melak paré (ngaseuk). Pon kitu deui dina mangsa panén jeung sérén taun, nu ilaharna aya acara arak-arakan nu kadang dibarengan ogé ku réngkong jeung dongdang.

Rupa-rupa angklung

Angklung Kanékés

Di wewengkon Kanékés, angklung utamana dipaké patali jeung upacara-upacara tatanén, lalin keur hiburan. Angklung dipaké nalika melak paré di huma jeung ngubaran paré (tilu bulan sanggeus dipelak). Sanggeus dipaké, angklung disimpen dina upacara musungkeun angklung.
Pikeun tujuan hiburan, angklung ilaharna dipidangkeun nalika caang bulan jeung teu hujan. Ieu hiburan téh digelar di buruan bari nembang, di antarana Lutung Kasarung, Yandu Bibi, Yandu Sala, Ceuk Arileu, Oray-orayan, Dengdang, Yari Gandang, Oyong-oyong Bangkong, Badan Kula, Kokoloyoran, Ayun-ayunan, Pileuleuyan, Gandrung Manggu, Rujak Gadung, Mulung Muncang, Giler, Ngaranggeong, Aceukna, Marengo, Salak Sadapur, Rangda Ngendong, Celementre, Keupat Reundang, Papacangan, jeung Culadi Dengdang.

Angklung Dogdog Lojor

Kasenian dogdog lojor ayana di masarakat Kasepuhan Pancer Pangawinan atawa masarakat adat Banten Kidul nu sumebar di sabudeureun Gunung Halimun. Najan kasenian ieu ngaranna dogdog lojor, luyu jeung salasahiji alat musikna, ieu kasenian dilengkepan ogé ku angklung, sabab patali jeung upacara adat paré. Unggal geus panén, masarakat ngayakeun acara Sérén Taun di puseur kampung adat (imah kokolot) anu biasana pindah-pindah luyu jeung paréntah tina wangsit.
Tradisi ngamulyakeun paré di ieu masarakat masih terus lumangsung, kusabab masarakatna masih pengkuh kana adat baheula. Dumasar pitutur turun-tumurun, ieu masarakat adat ngaku salaku turunan para prajurit karaton Pajajaran barisan Pangawinan (prajurit nu marawa tumbak). Najan kitu, masarakat kasepuhan ieu geus lila ngagem Islam sarta narima kana modérenisasi. Luyu jeung kamekaran ieu, dogdog lojor ogé kadang sok midang dina acara nyunatan, ngawinkeun, sarta karaméan lianna.
Kasenian dogdog lojor dimaénkeun ku genep urang nu nyepeng alat musikna séwang-séwangan, nyaéta dua dogdog lojor jeung opat angklung gedé, nu masing-masing boga ngaran: gonggong, panémbal, kingking, jeung inclok (noron ti nu pangbadagna).
Lagu-lagu dogdog lojor di antarana Balé Agung, Samping Hideung, Oléng-oléng Papangantén, Si Tunggul Kawung, Adulilang, jeung Adu-aduan.
Upami di Sukabumi kasohorna Dogdog loyor pangrojong dina acara panen.

Angklung Gubrag

Angklung gubrag ayana di kampung Cipining, kecamatan Cigudeg, Bogor. Ieu angklung umurna geus kolot, dipaké dina upacara melak, ngunjal, jeung ngadiukkeun paré ka leuit. Dumasar carita turun-tumurun, ieu angklung téh mimiti aya dina hiji mangsa paceklik.

Badéng

Badéng téh mangrupakeun kasenian nu asalna ti Sanding, Malangbong, Garut. Bentuk kasenian angklung ieu dipaké pikeun kapentingan da'wah Islam, kira abad ka-16 atawa 17. Harita, Arpaén jeung Nursaen (dua warga Sanding), diajar Islam ka Demak. Samulangna ti Demak, aranjeunna nyumebarkeun ajaran Islam ka masarakat Sanding hususna migunakeun kasenian badéng.
Angklung nu dipaké dina pintonan badéng aya salapan: angklung roél dua, angklung kecer hiji, angklung indung jeung bapa opat, jeung dua angklung anak anu dibarengan ku dogdog dua, terebang atawa gembyung dua, jeung kecrék hiji. Rumpaka tembangna maké basa Sunda nu euyeub ku istilah basa Arab, nu kadieunakeun ogé ditambah ku basa Indonésia. Eusi rumpakana taya lian ti ajén -inajén Islam jeung pitutur. Pidangan ieu kasenian kadang ogé dibarengan ku debus nu mintonkeun élmu-élmu kawedukan.
Tembang-tembang badéng anu kawentar, di antarana Lailaha illalloh, Ya’ti, Kasréng, Yautika, Lilimbungan, jeung Solaloh.

Buncis

Buncis téh seni pintonan nu watekna hiburan, nu utamana kawentar di wewengkon Baros (Arjasari, Bandung).


ARTIKEL 3
UCING SUMPUT
Ucing-ucingan nyaéta kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan.
Kaulinan ieu ((id):petak umpet) kawentar di mamana, hususna di Indonesia. Nu maen pangsautikna 2 budak tapi tangtu leuwih loba leuwih rame. Salah saurang budak kapeto jadi jaga ku cara hompimpah jeung atawa suten.[1]
Cara ulinna, kabeh budak salian nu 'jaga' nyumput/nyamuni sabuni-bunina. Budak nu jaga boga pancen kudu nimukeun babaturanna ieu. Sacara umum, budak nu pangheulana kapanggih panyumputanna jadi jaga mun sakabeh budak geus kapanggih. Barudak nu geus kapanggih bisa mantuan neangan sesa baturna nu can kapanggih, bisa oge henteu gumantung aturan maen nu disatujuan samemeh maen.
Aturan maen nu sejenna biasana mah ngeunaan wewengkon (daerah- Bahasa Indonesia; area-English) nyaeta wates2 panjauhna hiji budak meunang nyumput/nyamuni teh diatur dina aturan maen teh nu disatujuan samemeh maen. Mun aturan ieu aya nu ngalanggar, budak nu ngalanggar otomatis ngagantikeun nu jaga, atawa jadi jaga di ronde saanggeusna mun manehna kapanggih pangpandeurina.

Variasi

Aya ogé nu sarupa nyaéta ucing kaléng, ucing jibéh, jeung ucing bancakan.

ARTIKEL 4
Ningkatkeun Ajen Pulitik Wanoja
Kénging Ayie Sundana
Pamarentah ngaliwatan Kementerian Pemberdayaan Perempuan dan Perlindungan Anak jeung Kementerian Dalam Negeri ngagelar kagiatan pikeun ngaronjatkeun kapasitas Caleg wanoja dina Pemilu 2014. Kagiatan ieu dihadiran ku ibu Menteri  Linda Gumelar jeung Gubernur Jabar, H. Ahmad Heryawan.
Patalina jeung dilaksanakeunana kagiatan ieu, ibu Linda dina biantarana netelakeun yen dina ngaronjatkeun kapasitas Caleg wanoja dina Pemilu 2014 téh mangrupa kabutuhan jeung hak pulitik para wanoja anu kudu ditedunan sarta mangrupa hiji implementasi ‘affirmative action’, kusabab Caleg wanoja boga batasan, sumberdaya pulitik jeung pangalaman dina persaingan di pasar pulitik.
Nilik kana UU Nomor 7 Tahun 1984 ngeunaan Pengesahan Konvensi Mengenai Penghapusan Segala Bentuk Diskriminasi Terhadap Perempuan, pamarentah boga kawajiban pikeun ngapasilitasi “pembekalan” keur para Caleg wanoja.
Ngaliwatan kagiatan ieu dipiharep para Caleg wanoja bisa nyumbang pikiran sarta ngabina gawebareng dina enggoning ngumpulkeun sora dina Pemilu 2014. 
Nurutkeun Linda Gumelar, aleg wanoja dipiharep sangkan bisa leuwih merhatikeun kana kamekaran aspirasi rahayat. Dina kontek kampanye kudu bisa pokus kana kapentingan, aspirasi, kabutuhan jeung rupa-rupa masalah ngeunaan wanoja jeung anak. 
Opat point anu kudu diperhatikeun ku para caleg wanoja. Kahiji, kudu bisa ngaposisikeun jeung merankeun minangka kampium demokrasi anu sajati sangkan dina persaingan di pasar pulitik bisa ‘fairness’.
Kadua, mekarkeun ajen-inajen kamanusaan anu adil jeung beradab pikeun ngahontal kasuksesan sacara terhormat.
Katilu, ‘tebar keramahan’ atawa kudu someah sacara pulitik keur para konstituen sarta anu kaopat ngajauhkeun diri tina praktek demokrasi transaksional.
Masarakat, dina Pemilu taun 2014 diharepkeun kudu bisa milu ngarojong jeung nyukseskeun wakilan 30 persen wanoja di parlemen.
Linda Gumelar, netelakeun ukuran kamajuan bangsa diukur dina indicator IPM. Indeks IPM anu nepi ka sababaraha indikator nyaeta pendidikan, kasehatan jeung daya beuli dina ngahontalna sacara nasional nepi kana 72, 77 point . Tapi, keur gender mah masih aya jarak , dimana gender lalaki leuwih luhur dibanding wanoja. Pikeun indek gender wakil wanoja nepi kana 69,14 point. Husus provinsi  Jawa Barat posisi IPM  aya dina kaayaan alus nyaeta nepi kana 72,27 point. 
Gubernur Jawa Barat, H. Ahmad Heryawan dina kateranganana netelakeun yen Pemprov. Jabar mere lolongkrang dina partisipasi wanoja jeung lalaki téh sarua.
Dina proses pencalegan kudu bisa refresentatif sarta Caleg wanoja bisa milu kompetensi. Di lembaga legislatif, partisipasi wanoja nyekel peranan anu penting, ku ayana wanoja minangka anggota legislatif dipiharep bisa milu merjuangkeun hak-hak wanoja.
Nilik kana konteks masalah pangwangunan anu keur karandapan ayeuna, kahadiran anggota legislatif wanoja dipiharep bisa milu partisipasi keur ngarengsekeun rupa-rupa masalah anu keur mekar di sababaraha wilayah diantarana masalah luhurna Angka Kematian Ibu (AKI) dina ngalahirkeun jeung Angka Kematian Bayi (AKB). Lian ti éta nasib para TKI atawa TKW hususna di Jawa Barat jadi pasualan nu kudu direngsekeun sagancangna.***

ARTIKEL 5

Pamarentah Tatahar Ngajaga Ajen Citarum

 

Kénging Ayie Sundana
Ngaliwatan Kementerian Kehutanan pikeun ngaantisipasi  gangguan wilayah konservasi, kiwari pamarentah keur tatahar ngalaksanakeun ‘grand design’ desa konservasi. Hal ieu ditetelakeun ku Kepala Balai Besar Konservasi Sumber Daya Alam Jabar, Joko Prihatno dina sela-sela kagiatan rakor pemberdayaan masarakat lingkup Balai Besar KSDA Jawa Barat.
Nurutkeun Joko, luyu jeung rencana Model Desa Konservasi (MDK) bakal dijieun di genep lokasi nyaeta:  Kahiji,  di Cagar alam Gunung  Tilu kabupaten Bandung  masing-masing di Desa Sukaluyu jeung Desa Margamulya Kacamatan Pangalengan, Desa Mekarsari jeung Desa Sugihmukti, Kacamatan Pasir Jambu jeung Desa Cihawuk, Kacamatan Kertasari.
Kadua, cagar alam jeung taman wisata kamokang di desa Cihawuk, Kertasari Kabupaten Bandung. Katilu, TWA Kw Tangkuban Parahu di Desa Jayagiri, Kacamatan Lembang Kabupaten Bandung Barat. Kaopat, CA Tangkuban Parahu di Desa Sukamandi, Kecamatan Sagalaherang Kabupaten Subang.
Kalima, CA Gunung Burangrang, di sababaraha lokasi diantarana: Desa pasanggarahan jeung Desa Cihanjawar, Kacamatan Bojong Kabupaten Purwakarta sarta Desa Sakambang Kacamatan Wanayasa, Kabupaten Purwakarta.
Kagenep, Taman Buru Masigit di lokasi Desa Tanjungwangi, Kacamatan Cicalengka Kabupaten Bandung jeung Desa Sindulang, Kacamatan Cimanggung, Kabupaten Sumedang.
Tatahar dijieunna ‘grand desain’ desa konservasi ieu, wakil gubernur Jawa Barat , H. Deddy Mizwar dina salah sahiji gempungan kungsi negeskeun yen pihak pamarentah provinsi Jawa Barat  mere apresiasi kana ayana program ‘grand desain’ desa konservasi ieu.
Ku ayana program ieu, dipiharep bisa ngarojong kana program pangwangunan di Jawa Barat sacara mayeng.
Program ‘grand desain’ desa konservasi ieu geus lila dirarancang ku pamarentah sarta ngaliwatan program ieu diharepkeun bisa ngarojong kana program Citarum bersih.
Perkara nungkulan ngabebenah walungan Citarum nu boga target walungan Citarum bersih 4 taun kahareup, tacan bisa ngahontal hasil anu maksimal kusabab kitu dibutuhkeun partisipasi ti sakabeh pihak diantarana masarakat jeung kalangan dunia usaha. Pikeun nyukseskeun program ieu, Wagub Deddy Mizwar netelakeun yen kudu aya gerakan budaya sangkan masarakat bisa milu ngariksa lingkungan sabudeureunana.
Pikeun kalancaran rencana program Citarum bersih ieu Gubernur Ahmad Heryawan tatan-tatan keur ngaluarkeun “payung hukum” dina konsep Peraturan Gubernur ( Pergub).
 "Ku ayana aturan ieu, dipiharep kapayunna walungan Citarum bakal tiasa bersih tina runtah atanapi  limbah. Ayeuna téh nuju tatahar nyusun operational rule kanggo komitmen ieu," ceuk kang Aher.
Nurutkeun Ahmad  Heryawan, pemprov bakal ngondang masarakat, palaku industri, sarta sakumna  stakeholder pikeun babarengan dina ngabadamikeun komitmen ieu nu engkena sakabeh ondangan nu hadir kudu neken komitmen ieu.
 "Cai teh mangrupi sumber kahirupan anu sifatna penting. Kumargi kitu, ti ayeuna kedah aya parobahan kanggo ngajaga sumber-sumber mata cai supados tiasa mangpaat," pokna.
Pemprov bakal sagancangna ngalaksanakeun program clean Citarum (Citarum beresih) sarta diperlukeun komitmen babarengan keur sakabeh masarakat anu dumuk di sapanjang  Citarum.
"Kapayunna cai di walungan Citarum ieu kedah bersih. Sapertos,walungan nu aya di Eropa atanapi di Baghdad anu caina harerang," pokna pinuh harepan.***

ARTIKEL 6

DO’A MANGRUPAKEUN KAWAJIBAN MANUSA KA ALLAH



Do’a saleresna teu kedah ku Bahasa arab bae, ku bahasa naon oge tiasa, ngan tangtu ngado’a ku do’a nu biasa diaos ku Rasulullah SAW, eta langkung utami. Jalma nu tara ngado’a ka Allah nandakeun salah sahiji sifat takabur, bari manehna rea kabutuh, nu teu bisa dilaksanakeun salian ti ku Allah.
“ … Prak maraneh ngado’a ka kami, pasti kami nyumponan kana pamenta maraneh.” {Al Mukmin : 60}

Jalma nu loba ngado’a, bakal bener jeung khusyu dina ibadahna, sarta moal wani ngalnggar aturan katut ajaran Allah, sabab karep nu ngado’a hayang dikabul do’ana. Eta sababna jalma nu kie mah bener-bener tina ngado’ana bari ngalakukeun rupa amal nu sakirana bisa nerehkeun kana dikabulna do’a. do’a eta sumsumna ibadah lir ibarat tulang mun kakurangan sumsum, bakal jadi matak nu ngabahayakeun pikeun jelema, jadi mun urang kurang dina ngado’a atawa pamenta ka Allah bakal karasa cawerang ibadahna, kumarga Allah mah resepeun pisan ka jalma-jalma nu resep kana nga do’a
Dina ngado’a ka Allah urang teu bisa sagawayah, tangtu kudu aya aturan jeung tata cara supaya do’a urang dikabul. Dina salah sahiji keterangan Rasulullah kantos ngadawuh :
“Yueh Sakabeh manusa..! pikanyaah diri maraneh, lantaran maraneh teh teu ngadoa kanu torek, jeung kanu teu aya, saestuna Anjeunna marengan maraneh, saestuna Anjeunna Maha ngareungeu tur Maha Caket, Maha Mulya jenengan Anjeuna sareng Maha luhur Kaagungannana.” (Al-Bukhari:2/168; Muslim : 1896)
Jadi upami urang ninggal katerangan eta, dina ngado’a urang kudu Tawadlu, hormat, Kudu depe-depe, rintih, ulah bari gogorowokan. Jeung tina urang ngado’a kudu boga kayakinan bakal diijabah ku Allah, kusabab eta janji Allah, sapertos naon nu kantos di dawuh keun ku Rasulullah SAW.
“Prak maraneh ngado’a bari sing yakin bakal di ijabahna, yeuh kanyahokeun yen Allah eta moal narima do’ana Jalma nu hatena cileureun lalawora.” (At Tirmidzi : 3479, ti Abi Hurairah).


ARTIKEL 7
Nyadarkeun Masarakat Miara Kasehatan Ingon-ingon
Kénging Ayie Sundana
Provinsi Jawa Barat  boga Rumah Sakit (RS) Hewan anu munggaran di tatar Jabar atawa ka-2 di Indonesia, sabada  RS Hewan di Jakarta.
Kepala Dinas Peternakan Prov. Jabar, Dody Iman Nugraha netelakeun, ngadegna RS Hewan di Provinsi Jawa Barat téh keur nalingakeun   kasehatan sasatoan anu diwaragadan ku ABBD Provinsi Jabar Tahun Anggaran 2013.
“Waragad anu diperyogikeun kanggo ngawangun RS Hewan ieu téh sadayana asalna tina APBD Jabar Taun Anggaran 2013 anu ageuna Rp 5 miliar,” pokna.
Nurutkeun Dody, RS Hewan ieu téh salah sahiji tujuanana pikeun ngarojong program nyingkahan jeung ngungkulan kasakit sato anu biasana sok tatalepa.
“Ku ayana RS Hewan ieu sim kuring miharep tiasa nurunkeun atanapi nyingkahan kasakit sasatoan di Jabar,” pokna deui,
Konsep RS Hewan nyaeta modern, aman jeung ramah lingkungan, henteu ngaganggu kana ekosistem, teu nyababkeun karusakan sarta henteu ngabalukarkeun polusi atawa pencemaran  lingkungan.
“Rumah sakit hewan ieu tos dilengkepan ku prosedur IPAL (Instalasi Pengelolaan Air Limbah -  red) luyu sareng standar Rumah Sakit Umum, janten limbah atanapi runtah ti rumah sakit téh henteu dugi ka ngotoran atanapi ngaruksak lingkungan,” pokna.
Sababaraha rupa layanan nu aya di RS Hewan Jabar, di antarana pamariksaan klinis, pamariksaan laboratorium, pangobatan medis, RSH Rujukan, Orthopedi, Vaksinasi, USG, ECG, X-ray (rongtgen), operasi, rawat jalan, rawat inap, ICU Isolasi sarta konsultasi.
Jabar Bebas Rabies 2018
Pengurus Besar Perhimpunan Dokter Hewan Indonesia (PB PDHI) nepikeun pangbageana  ka Pamarentah provinsi Jawa Barat anu geus ngawangun Rumah Sakit (RS) Hewan.
Ketua PB PDHI, Wiwiek Bagja netelakeun yen diresmikeunana RS Hewan Jabar ieu téh minangka wujud  garapan gawe  Pemprov Jabar dina nalingakeun kasehatan sasatoan.
 “Ku diwangunna RS Hewan ieu téh buktos kasariusan pemprov. Jabar, kumargi kiwari seueur keneh sasatoan anu mung saukur dimangpaatkeun kanggo ingon-ingon wungkul bari jeung teu nalingakeun faktor kasehatanana,” pokna.
Gubernur Jawa Barat Ahmad Heryawan nataharkeun yen dina taun 2018 wilayah Jabar kudu geus bebas tina kasakit rabies. “Kanggo ngahontal target bebas rabies ieu, peryogi pisan gerakan vaksinasi rabies sacara “serentak” sareng rata di sakuliah wilayah Jawa Barat,” ceuk Aher netelakeun. Nurutkeun gubernur, lengkah gerakan bebas rabies ieu téh pohara pentingna upama ningali masih loba kasus rabies anu tumiba di kota/kabupaten di Jabar.
“Gerakan bebas rabies ieu kedah diperhatoskeun kumargi dina miara sasatoan perlu ditalingakeun kaidah-kaidah atanapi aturan sareng pangarti ngeunaan kasakit sareng ngarawat sasatoan,” pokna.
Gubernur netelakeun, dina ngarealisasikeun target Jabar bebas rabies , pihakna bareng jeung  OPD (organisasi perangkat daerah) sarta sajumlah stakeholder bakal terus ngupayakeun pikeun ngawujudkeun gerakan vaksin.
“Target Jabar janten provinsi ka-10 anu bebas rabies,” ceuk Gubernur pinuh harepan.***


ARTIKEL 8

Anugerah Budaya jeung Pariwisata 2013

Kénging Ayie Sundana
Taun ieu, gupernurJawa Barat mere panghargaan ka sababaraha urang tokoh sarta palaku seni budaya jeung pariwisata.Pamasrahan panghargaan lumangsung dina  acara kilas balik “Anugerah seni-budaya jeung Pariwisata 2013” di Hotel Horison, Jalan Pelajar Pejuang, Kota Bandung,  Kemis peuting (19/12).
Nu narima panghargaan di antarana wae, opat  widang  husus seni jeung budaya, 11 panghargaan umum widang seni jeung budaya sarta 5 panghargaan widang pariwisata.
Nu kasinugrahan panghargaan aya 20 urang di antarana wae Encar Carmedi (alm) widang seniman karawitan ti Kota Bandung, Tandi Skober (alm) widang sastra asal Kabupaten Indramayu, R.A. Kosasih (alm) widang Seni Rupa asal Kota Bogor, Popo Iskandar (alm) widang Seni Rupa asalKota Bandung.
Saterusna 11 panghargaan umum  widang seni jeung budaya, dipasrahkeun ka  Prof. Iyus Rusliana, SST.Seniman Tari/Dosen asal Kota Bandung, Drs. Rahmat Iskandar Purwacarita Sejarawan asal Kabupaten Majalengka, Jim Supangkat Seni Rupa asal Kota Bandung, H. Taufik Faturohman ti  Penerbit GegerSunten asal Kota Tasikmalaya, Jatnika Nanggamiharja (Ki Jatnika) Tokoh Penca Cimande  ti Kabupaten Bogor, Drs. UbunKubarsah Budayawan asal Kota Bandung, Situs Kabuyutan Ciburuy, widang  Situs Arkeologis asal Kabupaten Garut, Sunarto Marta Atmadja Seniman Tarling ti Kabupaten Cirebon, Dr. HM. Yus Wiradiredja Seniman Karawitan ti Kabupaten Bandung, Ridwan Marhid Budayawan ti Kota Bekasi, H. Dedi Mulyadi, SH (Bupati Purwakarta) Budayawan ti Kabupaten Purwakarta. Panghargaan widang pariwisata, dipasrahkeun  ka 5 palaku widang pariwisata, diantarana Batagor Isan (wisata Kuliner)  asal Kota Bandung, Sekolah Tinggi Pariwisata Bandung widang Lembaga Pendidikan asal Kota Bandung, Ciater Spa widang Badan Usaha asal Kabupaten Subang, Samudra Beach Hotel widang Badan Usaha asal Kabupaten Sukabumi, sarta  Exotic Java Trail widang Badan Usaha asal Kota Bandung.
Gubernur Jawa Barat Ahmad Heryawan dina biantarana netelakeun,  anugerah  ka pakar seni budaya jeung pariwisata, mangrupa wujud  apresiasi pamarentah daerah, ku partisipasi jeung apresiasina anu kacida gede katieung jeung kanyaahna dina  mekarkeun tur ngaronjatkeun widang seni, budaya sarta pariwisata di Jawa Barat.
Ku kituna, ceuk gupernur  negeskeun, kacida payusna pamarentah propinsi mere apresiasi jeung apresiasi positip, kana lengkah jeung  dedikasi masarakat dina wangun prestasi nu ngangkat komara Jawa Barat.  
Lima taun ka hareup, Gubernur nandeskeun deui, pamarentah propinsi Jawa Barat baris mokus ngaronjatkeun pangwangunan seni budaya ku cara satekah polah ngawaluyakeun sarana/ rohang publik pikeun gelar seni budaya sarta pangwangunan/rehabilitisi gedong seni budaya di kabupaten/ kota.
Kiwari Pemprov Jabar geus ngabogaan sababaraha rohang publik pikeun gelar seni budaya anu bisa dijadikeun kareueus sarta kudu dipiara, diantarana  Taman Budaya, Anjungan Jabar TMII, Gedung Kesenian Rumentang Siang, Gedung Yayasan Pusat Kebudayaan (YPK), sarta Pondok Seni Pangandaran nu bida dijadikeun media pikeun ngamekarkeun seni budaya di wewengkon kidul Jawa Barat.
Kepala Dinas Pariwisata & Kebudayaan Jawa Barat Drs. Nunung Sobari MM nepikeun apresiasi sarta panuhunna  ka tim pangajen “Panghargaan Gubernur Bidang Seni, Budaya jeung Pariwisata 2013” nu diwangun diantarana ku  Prof. Dr. Hj. Nina H. Lubis, MS (Ketua ngarangkep Anggota Bidang Budaya), Suhendi Afryanto, S.Kar.,MM (Sekretaris ngarangkep Anggota Bidang Seni) sarta para anggotana,  Drs. H. Gugum Gumbira (Bidang Seni), Prof. Dr. Yus Rusyana (Bidang Budaya), Herry Dim (Bidang Budaya), Drs. Djoni Sofyan Iskandar, MM (Bidang Pariwisata), H. Herman Muchtar SE (Bidang Pariwisata), Nicolaus Lumanauw Ph.D (Bidang Pariwisata), sarta  Drs. RusmanSyarif (BidangPariwisata).*** 


Demikian mengenai Kumpulan Artikel Berbahasa Sunda
Jika ada sesuatu, di komen saja :)

1 komentar:

Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

Posting Komentar