Kumpulan Artikel Berbahasa Sunda
Apa kabar rencang-rencang. teman-teman yang sudah menunggu tugas-tugas alin yang belum di Posting, hehe ada permintaan dari salah satu teman pengen tugas alin diposting, biar mereka bisa mudah cari, ya ga apa apa lah, alin kasih tapi maaf di akhir ya.. Tapi di cicil aja ya, ini baru tugas Basa Sunda dari Ibu H. ida. Kumpulan Artikel Berbahasa Sunda. ada 8 artikel yang alin posting dari berbagai sumber tentunya, lumayan lah nambah-nambah.
langsung saja.. silakan Copas :)
ARTIKEL 1
INTERNET
Dina harti umum, internét
(maké aksara leutik "i", singgetan tina inter-network)
ngarupakeun jaringan komputer nu nyambungkeun sababaraha jaringan.
Salaku hiji istilah nu mandiri, Internét ngarupakeun sistim komputer (kaasup informasi jeung layanan nu disadiakeun pikeun
nu marakéna) umum nu kasambungkeun sacara internasional migunakeun suite
TCP/IP tina protokol komunikasi panyaklaran paket. Ku kituna, internet panggedena
sacara basajan disebut Internet. Seni nyambungkeun jaringan-jaringan ku cara
ieu disebutna internetworking.
Dina basa sapopoé, Internét
kadang nujul ka layanan World Wide Web, surat éléktronik, jeung ngobrol online nu aya na Internét.
Ngacambahna bibit Internét dimimitian
dina taun 1969 ku ayana ARPANET nu diwangun ku Advanced Research Projects Agency (ARPA),
Departemén Pertahanan Amérika Sarikat.
Sababaraha panalungtikan munggaran nu
nyumbang ka ARPANET nyéta gawé dina desentralisasi jaringan, teori antrian, jeung packet switching.
Tanggal 1 Januari, 1983, ARPANET ngarobah inti protokol jaringanana tina NCP ka TCP/IP, nandakeun awal Internét sakumaha nu ayeuna urang
apal.
Léngkah penting séjén dina ngembangna
Internét nyaéta ku ayana National Science Foundation's (NSF), NSFNet, taun 1986.
Internét diadegkeun babarengan ku
kontrak komérsil bi- atawa multilateral.
Internét ogé mibanda pangaruh nu
nyosok jero ka na pangaweruh jeung sawangan dunya.Dibandingkeun
jeung énsiklopédi sarta pabukon tradisional, Internét mintonkeun
hiji desentralisasi informasi jeung data nu dadakan sakaligus ékstrim.
Basa nu utama dipaké dina komunikasi
di Internét umumna Inggris, dumasar ka bibit buitna, kailaharan
basa program software, jeung sabab kalemahan komputer heubeul dina narima
karakter-karakter lian ti alfabét kulon. Cara akses Internét nu umum
digunakeun di imah-imah nyaeta dial-up jeung broadband.
ARTIKEL 2
ANGKLUNG
nyaéta alat musik tradisional
Sunda nu dijieun tina awi, dimaénkeun ku cara
dieundeukkeun (awak buku awina neunggar sarigsig) sahingga ngahasilkeun sora nu
ngageter dina susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranana, boh nu badag
atawa nu leutik. Laras (nada) nu dipaké angklung tradisional Sunda biasana saléndro
jeung pelog.
Sajarah
Dina kasenian Sunda, nu migunakeun
alat musik tina awi di antarana angklung jeung calung. Anapon awi nu sok dipaké nyieun ieu alat musik biasana tina
awi wulung (awi nu kelirna hideung) jeung awi temen (kelir bodas). Sada nu kaluar tina angklung jeung calung asalna sarua,
nyaéta tina solobong awi nu ngelentrung lamun ditabeuh (diadu).
Angklung geus dipikawanoh ku
masarakat Sunda ti jaman karajaan Sunda, di antarana pikeun ngagedurkeun
sumanget dina pangperangan. Fungsi angklung pikeun ngahudang sumanget ieu jadi
sabab dicaramna ieu kasenian ku pamaréntah jajahan Hindia Walanda.
Kasenian angklung kiwari leuwih mekar
deui, ku ayana unsur ibing luyu jeung kapentinganana, misalna dina upacara
ngarak paré kana leuit (ngampih paré, nginebkeun) jeung dina mangsa mitembeyan
melak paré (ngaseuk). Pon kitu deui dina mangsa panén jeung sérén taun, nu
ilaharna aya acara arak-arakan nu kadang dibarengan ogé ku réngkong jeung dongdang.
Rupa-rupa
angklung
Angklung Kanékés
Di wewengkon Kanékés, angklung utamana dipaké patali jeung upacara-upacara tatanén, lalin
keur hiburan. Angklung dipaké nalika melak paré di huma jeung ngubaran paré
(tilu bulan sanggeus dipelak). Sanggeus dipaké, angklung disimpen dina upacara
musungkeun angklung.
Pikeun tujuan hiburan, angklung
ilaharna dipidangkeun nalika caang bulan jeung teu hujan. Ieu hiburan téh
digelar di buruan bari nembang, di antarana Lutung Kasarung, Yandu
Bibi, Yandu Sala, Ceuk Arileu, Oray-orayan, Dengdang,
Yari Gandang, Oyong-oyong Bangkong, Badan Kula, Kokoloyoran,
Ayun-ayunan, Pileuleuyan, Gandrung Manggu, Rujak Gadung,
Mulung Muncang, Giler, Ngaranggeong, Aceukna, Marengo,
Salak Sadapur, Rangda Ngendong, Celementre, Keupat
Reundang, Papacangan, jeung Culadi Dengdang.
Angklung Dogdog Lojor
Kasenian dogdog lojor ayana di
masarakat Kasepuhan Pancer Pangawinan atawa masarakat adat Banten Kidul nu sumebar di sabudeureun Gunung Halimun. Najan kasenian ieu ngaranna dogdog
lojor, luyu jeung salasahiji alat musikna, ieu kasenian dilengkepan ogé ku
angklung, sabab patali jeung upacara adat paré. Unggal geus panén, masarakat
ngayakeun acara Sérén Taun di puseur kampung adat (imah kokolot) anu biasana
pindah-pindah luyu jeung paréntah tina wangsit.
Tradisi ngamulyakeun paré di ieu
masarakat masih terus lumangsung, kusabab masarakatna masih pengkuh kana adat
baheula. Dumasar pitutur turun-tumurun, ieu masarakat adat ngaku salaku turunan
para prajurit karaton Pajajaran barisan Pangawinan (prajurit nu marawa tumbak).
Najan kitu, masarakat kasepuhan ieu geus lila ngagem Islam sarta narima kana modérenisasi. Luyu jeung kamekaran ieu,
dogdog lojor ogé kadang sok midang dina acara nyunatan, ngawinkeun, sarta
karaméan lianna.
Kasenian dogdog lojor dimaénkeun ku
genep urang nu nyepeng alat musikna séwang-séwangan, nyaéta dua dogdog lojor
jeung opat angklung gedé, nu masing-masing boga ngaran: gonggong, panémbal,
kingking, jeung inclok (noron ti nu pangbadagna).
Lagu-lagu dogdog lojor di antarana Balé
Agung, Samping Hideung, Oléng-oléng Papangantén, Si
Tunggul Kawung, Adulilang, jeung Adu-aduan.
Angklung Gubrag
Angklung gubrag ayana di kampung
Cipining, kecamatan Cigudeg, Bogor. Ieu angklung umurna geus kolot, dipaké dina upacara melak,
ngunjal, jeung ngadiukkeun paré ka leuit. Dumasar carita turun-tumurun, ieu angklung
téh mimiti aya dina hiji mangsa paceklik.
Badéng
Badéng téh mangrupakeun kasenian nu
asalna ti Sanding, Malangbong, Garut. Bentuk kasenian angklung ieu dipaké
pikeun kapentingan da'wah Islam, kira abad ka-16 atawa 17. Harita, Arpaén jeung Nursaen (dua
warga Sanding), diajar Islam ka Demak. Samulangna ti Demak, aranjeunna nyumebarkeun ajaran Islam
ka masarakat Sanding hususna migunakeun kasenian badéng.
Angklung nu dipaké dina pintonan
badéng aya salapan: angklung roél dua, angklung kecer hiji, angklung indung
jeung bapa opat, jeung dua angklung anak anu dibarengan ku dogdog dua, terebang
atawa gembyung dua, jeung kecrék hiji. Rumpaka tembangna maké basa Sunda nu euyeub ku istilah basa Arab, nu kadieunakeun ogé ditambah ku basa Indonésia. Eusi rumpakana taya lian ti ajén
-inajén Islam jeung pitutur. Pidangan ieu kasenian kadang ogé dibarengan ku
debus nu mintonkeun élmu-élmu kawedukan.
Tembang-tembang badéng anu kawentar,
di antarana Lailaha illalloh, Ya’ti, Kasréng, Yautika,
Lilimbungan, jeung Solaloh.
Buncis
Buncis téh seni pintonan nu watekna
hiburan, nu utamana kawentar di wewengkon Baros (Arjasari, Bandung).
ARTIKEL 3
UCING SUMPUT
Ucing-ucingan nyaéta kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing.
Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan
kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan.
Kaulinan ieu ((id):petak umpet) kawentar di mamana, hususna di
Indonesia. Nu maen pangsautikna 2 budak tapi tangtu leuwih loba leuwih rame.
Salah saurang budak kapeto jadi jaga ku cara hompimpah jeung atawa suten.[1]
Cara ulinna, kabeh budak salian nu 'jaga' nyumput/nyamuni
sabuni-bunina. Budak nu jaga boga pancen kudu nimukeun babaturanna ieu. Sacara
umum, budak nu pangheulana kapanggih panyumputanna jadi jaga mun sakabeh budak
geus kapanggih. Barudak nu geus kapanggih bisa mantuan neangan sesa baturna nu
can kapanggih, bisa oge henteu gumantung aturan maen nu disatujuan samemeh
maen.
Aturan maen nu sejenna biasana mah ngeunaan wewengkon
(daerah- Bahasa Indonesia; area-English) nyaeta wates2 panjauhna hiji budak
meunang nyumput/nyamuni teh diatur dina aturan maen teh nu disatujuan samemeh
maen. Mun aturan ieu aya nu ngalanggar, budak nu ngalanggar otomatis
ngagantikeun nu jaga, atawa jadi jaga di ronde saanggeusna mun manehna
kapanggih pangpandeurina.
Variasi
Aya ogé nu sarupa nyaéta ucing kaléng, ucing jibéh, jeung
ucing bancakan.
ARTIKEL 4
Ningkatkeun Ajen
Pulitik Wanoja
Pamarentah
ngaliwatan Kementerian Pemberdayaan Perempuan dan Perlindungan Anak jeung
Kementerian Dalam Negeri ngagelar kagiatan pikeun ngaronjatkeun kapasitas Caleg
wanoja dina Pemilu 2014. Kagiatan ieu dihadiran ku ibu Menteri Linda
Gumelar jeung Gubernur Jabar, H. Ahmad Heryawan.
Patalina jeung
dilaksanakeunana kagiatan ieu, ibu Linda dina biantarana netelakeun yen dina
ngaronjatkeun kapasitas Caleg wanoja dina Pemilu 2014 téh mangrupa kabutuhan
jeung hak pulitik para wanoja anu kudu ditedunan sarta mangrupa hiji
implementasi ‘affirmative action’, kusabab Caleg wanoja boga batasan,
sumberdaya pulitik jeung pangalaman dina persaingan di pasar pulitik.
Nilik kana UU
Nomor 7 Tahun 1984 ngeunaan Pengesahan Konvensi Mengenai Penghapusan Segala
Bentuk Diskriminasi Terhadap Perempuan, pamarentah boga kawajiban pikeun
ngapasilitasi “pembekalan” keur para Caleg wanoja.
Ngaliwatan
kagiatan ieu dipiharep para Caleg wanoja bisa nyumbang pikiran sarta ngabina
gawebareng dina enggoning ngumpulkeun sora dina Pemilu 2014.
Nurutkeun Linda
Gumelar, aleg wanoja dipiharep sangkan bisa leuwih merhatikeun kana kamekaran
aspirasi rahayat. Dina kontek kampanye kudu bisa pokus kana kapentingan,
aspirasi, kabutuhan jeung rupa-rupa masalah ngeunaan wanoja jeung anak.
Opat point anu
kudu diperhatikeun ku para caleg wanoja. Kahiji, kudu bisa ngaposisikeun jeung
merankeun minangka kampium demokrasi anu sajati sangkan dina persaingan di
pasar pulitik bisa ‘fairness’.
Kadua, mekarkeun
ajen-inajen kamanusaan anu adil jeung beradab pikeun ngahontal kasuksesan
sacara terhormat.
Katilu, ‘tebar
keramahan’ atawa kudu someah sacara pulitik keur para konstituen sarta anu
kaopat ngajauhkeun diri tina praktek demokrasi transaksional.
Masarakat, dina
Pemilu taun 2014 diharepkeun kudu bisa milu ngarojong jeung nyukseskeun wakilan
30 persen wanoja di parlemen.
Linda Gumelar,
netelakeun ukuran kamajuan bangsa diukur dina indicator IPM. Indeks IPM anu
nepi ka sababaraha indikator nyaeta pendidikan, kasehatan jeung daya beuli dina
ngahontalna sacara nasional nepi kana 72, 77 point . Tapi, keur gender mah
masih aya jarak , dimana gender lalaki leuwih luhur dibanding wanoja. Pikeun
indek gender wakil wanoja nepi kana 69,14 point. Husus provinsi Jawa
Barat posisi IPM aya dina kaayaan alus nyaeta nepi kana 72,27
point.
Gubernur Jawa
Barat, H. Ahmad Heryawan dina kateranganana netelakeun yen Pemprov. Jabar mere
lolongkrang dina partisipasi wanoja jeung lalaki téh sarua.
Dina proses
pencalegan kudu bisa refresentatif sarta Caleg wanoja bisa milu kompetensi. Di
lembaga legislatif, partisipasi wanoja nyekel peranan anu penting, ku ayana
wanoja minangka anggota legislatif dipiharep bisa milu merjuangkeun hak-hak
wanoja.
Nilik kana konteks
masalah pangwangunan anu keur karandapan ayeuna, kahadiran anggota legislatif
wanoja dipiharep bisa milu partisipasi keur ngarengsekeun rupa-rupa masalah anu
keur mekar di sababaraha wilayah diantarana masalah luhurna Angka Kematian Ibu
(AKI) dina ngalahirkeun jeung Angka Kematian Bayi (AKB). Lian ti éta nasib para
TKI atawa TKW hususna di Jawa Barat jadi pasualan nu kudu direngsekeun
sagancangna.***
ARTIKEL
5
Pamarentah
Tatahar Ngajaga Ajen Citarum
Ngaliwatan
Kementerian Kehutanan pikeun ngaantisipasi gangguan wilayah konservasi,
kiwari pamarentah keur tatahar ngalaksanakeun ‘grand design’ desa konservasi.
Hal ieu ditetelakeun ku Kepala Balai Besar Konservasi Sumber Daya Alam Jabar,
Joko Prihatno dina sela-sela kagiatan rakor pemberdayaan masarakat lingkup
Balai Besar KSDA Jawa Barat.
Nurutkeun Joko, luyu jeung rencana Model Desa Konservasi (MDK) bakal dijieun di genep lokasi nyaeta: Kahiji, di Cagar alam Gunung Tilu kabupaten Bandung masing-masing di Desa Sukaluyu jeung Desa Margamulya Kacamatan Pangalengan, Desa Mekarsari jeung Desa Sugihmukti, Kacamatan Pasir Jambu jeung Desa Cihawuk, Kacamatan Kertasari.
Kadua, cagar alam jeung taman wisata kamokang di desa Cihawuk, Kertasari Kabupaten Bandung. Katilu, TWA Kw Tangkuban Parahu di Desa Jayagiri, Kacamatan Lembang Kabupaten Bandung Barat. Kaopat, CA Tangkuban Parahu di Desa Sukamandi, Kecamatan Sagalaherang Kabupaten Subang.
Kalima, CA Gunung Burangrang, di sababaraha lokasi diantarana: Desa pasanggarahan jeung Desa Cihanjawar, Kacamatan Bojong Kabupaten Purwakarta sarta Desa Sakambang Kacamatan Wanayasa, Kabupaten Purwakarta.
Kagenep, Taman Buru Masigit di lokasi Desa Tanjungwangi, Kacamatan Cicalengka Kabupaten Bandung jeung Desa Sindulang, Kacamatan Cimanggung, Kabupaten Sumedang.
Tatahar dijieunna ‘grand desain’ desa konservasi ieu, wakil gubernur Jawa Barat , H. Deddy Mizwar dina salah sahiji gempungan kungsi negeskeun yen pihak pamarentah provinsi Jawa Barat mere apresiasi kana ayana program ‘grand desain’ desa konservasi ieu.
Ku ayana program ieu, dipiharep bisa ngarojong kana program pangwangunan di Jawa Barat sacara mayeng.
Program ‘grand desain’ desa konservasi ieu geus lila dirarancang ku pamarentah sarta ngaliwatan program ieu diharepkeun bisa ngarojong kana program Citarum bersih.
Perkara nungkulan ngabebenah walungan Citarum nu boga target walungan Citarum bersih 4 taun kahareup, tacan bisa ngahontal hasil anu maksimal kusabab kitu dibutuhkeun partisipasi ti sakabeh pihak diantarana masarakat jeung kalangan dunia usaha. Pikeun nyukseskeun program ieu, Wagub Deddy Mizwar netelakeun yen kudu aya gerakan budaya sangkan masarakat bisa milu ngariksa lingkungan sabudeureunana.
Nurutkeun Joko, luyu jeung rencana Model Desa Konservasi (MDK) bakal dijieun di genep lokasi nyaeta: Kahiji, di Cagar alam Gunung Tilu kabupaten Bandung masing-masing di Desa Sukaluyu jeung Desa Margamulya Kacamatan Pangalengan, Desa Mekarsari jeung Desa Sugihmukti, Kacamatan Pasir Jambu jeung Desa Cihawuk, Kacamatan Kertasari.
Kadua, cagar alam jeung taman wisata kamokang di desa Cihawuk, Kertasari Kabupaten Bandung. Katilu, TWA Kw Tangkuban Parahu di Desa Jayagiri, Kacamatan Lembang Kabupaten Bandung Barat. Kaopat, CA Tangkuban Parahu di Desa Sukamandi, Kecamatan Sagalaherang Kabupaten Subang.
Kalima, CA Gunung Burangrang, di sababaraha lokasi diantarana: Desa pasanggarahan jeung Desa Cihanjawar, Kacamatan Bojong Kabupaten Purwakarta sarta Desa Sakambang Kacamatan Wanayasa, Kabupaten Purwakarta.
Kagenep, Taman Buru Masigit di lokasi Desa Tanjungwangi, Kacamatan Cicalengka Kabupaten Bandung jeung Desa Sindulang, Kacamatan Cimanggung, Kabupaten Sumedang.
Tatahar dijieunna ‘grand desain’ desa konservasi ieu, wakil gubernur Jawa Barat , H. Deddy Mizwar dina salah sahiji gempungan kungsi negeskeun yen pihak pamarentah provinsi Jawa Barat mere apresiasi kana ayana program ‘grand desain’ desa konservasi ieu.
Ku ayana program ieu, dipiharep bisa ngarojong kana program pangwangunan di Jawa Barat sacara mayeng.
Program ‘grand desain’ desa konservasi ieu geus lila dirarancang ku pamarentah sarta ngaliwatan program ieu diharepkeun bisa ngarojong kana program Citarum bersih.
Perkara nungkulan ngabebenah walungan Citarum nu boga target walungan Citarum bersih 4 taun kahareup, tacan bisa ngahontal hasil anu maksimal kusabab kitu dibutuhkeun partisipasi ti sakabeh pihak diantarana masarakat jeung kalangan dunia usaha. Pikeun nyukseskeun program ieu, Wagub Deddy Mizwar netelakeun yen kudu aya gerakan budaya sangkan masarakat bisa milu ngariksa lingkungan sabudeureunana.
Pikeun kalancaran
rencana program Citarum bersih ieu Gubernur Ahmad Heryawan tatan-tatan keur
ngaluarkeun “payung hukum” dina konsep Peraturan Gubernur ( Pergub).
"Ku
ayana aturan ieu, dipiharep kapayunna walungan Citarum bakal tiasa bersih tina
runtah atanapi limbah. Ayeuna téh nuju tatahar nyusun operational rule
kanggo komitmen ieu," ceuk kang Aher.
Nurutkeun
Ahmad Heryawan, pemprov bakal ngondang masarakat, palaku industri, sarta
sakumna stakeholder pikeun babarengan dina ngabadamikeun komitmen ieu nu
engkena sakabeh ondangan nu hadir kudu neken komitmen ieu.
"Cai
teh mangrupi sumber kahirupan anu sifatna penting. Kumargi kitu, ti ayeuna
kedah aya parobahan kanggo ngajaga sumber-sumber mata cai supados tiasa
mangpaat," pokna.
Pemprov bakal
sagancangna ngalaksanakeun program clean Citarum (Citarum beresih) sarta
diperlukeun komitmen babarengan keur sakabeh masarakat anu dumuk di
sapanjang Citarum.
"Kapayunna
cai di walungan Citarum ieu kedah bersih. Sapertos,walungan nu aya di Eropa
atanapi di Baghdad anu caina harerang," pokna pinuh harepan.***
ARTIKEL 6
DO’A MANGRUPAKEUN KAWAJIBAN MANUSA KA ALLAH
Do’a saleresna teu kedah ku Bahasa arab bae, ku bahasa naon oge tiasa, ngan tangtu ngado’a ku do’a nu biasa diaos ku Rasulullah SAW, eta langkung utami. Jalma nu tara ngado’a ka Allah nandakeun salah sahiji sifat takabur, bari manehna rea kabutuh, nu teu bisa dilaksanakeun salian ti ku Allah.
“ … Prak maraneh ngado’a ka kami, pasti kami nyumponan kana pamenta maraneh.” {Al Mukmin : 60}
Jalma nu loba ngado’a, bakal bener jeung khusyu dina ibadahna, sarta moal wani ngalnggar aturan katut ajaran Allah, sabab karep nu ngado’a hayang dikabul do’ana. Eta sababna jalma nu kie mah bener-bener tina ngado’ana bari ngalakukeun rupa amal nu sakirana bisa nerehkeun kana dikabulna do’a. do’a eta sumsumna ibadah lir ibarat tulang mun kakurangan sumsum, bakal jadi matak nu ngabahayakeun pikeun jelema, jadi mun urang kurang dina ngado’a atawa pamenta ka Allah bakal karasa cawerang ibadahna, kumarga Allah mah resepeun pisan ka jalma-jalma nu resep kana nga do’a
Dina ngado’a ka Allah urang teu bisa sagawayah, tangtu kudu aya aturan jeung tata cara supaya do’a urang dikabul. Dina salah sahiji keterangan Rasulullah kantos ngadawuh :
“Yueh
Sakabeh manusa..! pikanyaah diri maraneh, lantaran maraneh teh teu ngadoa kanu
torek, jeung kanu teu aya, saestuna Anjeunna marengan maraneh, saestuna
Anjeunna Maha ngareungeu tur Maha Caket, Maha Mulya jenengan Anjeuna sareng
Maha luhur Kaagungannana.” (Al-Bukhari:2/168; Muslim : 1896)
Jadi
upami urang ninggal katerangan eta, dina ngado’a urang kudu Tawadlu, hormat,
Kudu depe-depe, rintih, ulah bari gogorowokan. Jeung tina urang ngado’a kudu
boga kayakinan bakal diijabah ku Allah, kusabab eta janji Allah, sapertos naon
nu kantos di dawuh keun ku Rasulullah SAW.
“Prak maraneh ngado’a bari sing yakin bakal di ijabahna, yeuh kanyahokeun yen Allah eta moal narima do’ana Jalma nu hatena cileureun lalawora.” (At Tirmidzi : 3479, ti Abi Hurairah).
“Prak maraneh ngado’a bari sing yakin bakal di ijabahna, yeuh kanyahokeun yen Allah eta moal narima do’ana Jalma nu hatena cileureun lalawora.” (At Tirmidzi : 3479, ti Abi Hurairah).
ARTIKEL 7
Nyadarkeun
Masarakat Miara Kasehatan Ingon-ingon
Provinsi Jawa
Barat boga Rumah Sakit (RS) Hewan anu munggaran di tatar Jabar atawa ka-2
di Indonesia, sabada RS Hewan di Jakarta.
Kepala Dinas
Peternakan Prov. Jabar, Dody Iman Nugraha netelakeun, ngadegna RS Hewan di
Provinsi Jawa Barat téh keur nalingakeun kasehatan sasatoan anu
diwaragadan ku ABBD Provinsi Jabar Tahun Anggaran 2013.
“Waragad anu
diperyogikeun kanggo ngawangun RS Hewan ieu téh sadayana asalna tina APBD Jabar
Taun Anggaran 2013 anu ageuna Rp 5 miliar,” pokna.
Nurutkeun Dody, RS
Hewan ieu téh salah sahiji tujuanana pikeun ngarojong program nyingkahan jeung
ngungkulan kasakit sato anu biasana sok tatalepa.
“Ku ayana RS Hewan
ieu sim kuring miharep tiasa nurunkeun atanapi nyingkahan kasakit sasatoan di
Jabar,” pokna deui,
Konsep RS Hewan
nyaeta modern, aman jeung ramah lingkungan, henteu ngaganggu kana ekosistem,
teu nyababkeun karusakan sarta henteu ngabalukarkeun polusi atawa pencemaran
lingkungan.
“Rumah sakit hewan
ieu tos dilengkepan ku prosedur IPAL (Instalasi Pengelolaan Air Limbah -
red) luyu sareng standar Rumah Sakit Umum, janten limbah atanapi runtah ti
rumah sakit téh henteu dugi ka ngotoran atanapi ngaruksak lingkungan,” pokna.
Sababaraha rupa
layanan nu aya di RS Hewan Jabar, di antarana pamariksaan klinis, pamariksaan
laboratorium, pangobatan medis, RSH Rujukan, Orthopedi, Vaksinasi, USG, ECG,
X-ray (rongtgen), operasi, rawat jalan, rawat inap, ICU Isolasi sarta
konsultasi.
Jabar Bebas Rabies
2018
Pengurus Besar
Perhimpunan Dokter Hewan Indonesia (PB PDHI) nepikeun pangbageana ka
Pamarentah provinsi Jawa Barat anu geus ngawangun Rumah Sakit (RS) Hewan.
Ketua PB PDHI,
Wiwiek Bagja netelakeun yen diresmikeunana RS Hewan Jabar ieu téh minangka
wujud garapan gawe Pemprov Jabar dina nalingakeun kasehatan
sasatoan.
“Ku
diwangunna RS Hewan ieu téh buktos kasariusan pemprov. Jabar, kumargi kiwari
seueur keneh sasatoan anu mung saukur dimangpaatkeun kanggo ingon-ingon wungkul
bari jeung teu nalingakeun faktor kasehatanana,” pokna.
Gubernur Jawa
Barat Ahmad Heryawan nataharkeun yen dina taun 2018 wilayah Jabar kudu geus
bebas tina kasakit rabies. “Kanggo ngahontal target bebas rabies ieu, peryogi
pisan gerakan vaksinasi rabies sacara “serentak” sareng rata di sakuliah
wilayah Jawa Barat,” ceuk Aher netelakeun. Nurutkeun gubernur, lengkah gerakan
bebas rabies ieu téh pohara pentingna upama ningali masih loba kasus rabies anu
tumiba di kota/kabupaten di Jabar.
“Gerakan bebas
rabies ieu kedah diperhatoskeun kumargi dina miara sasatoan perlu ditalingakeun
kaidah-kaidah atanapi aturan sareng pangarti ngeunaan kasakit sareng ngarawat
sasatoan,” pokna.
Gubernur
netelakeun, dina ngarealisasikeun target Jabar bebas rabies , pihakna bareng
jeung OPD (organisasi perangkat daerah) sarta sajumlah stakeholder bakal
terus ngupayakeun pikeun ngawujudkeun gerakan vaksin.
“Target Jabar
janten provinsi ka-10 anu bebas rabies,” ceuk Gubernur pinuh harepan.***
ARTIKEL
8
Anugerah
Budaya jeung Pariwisata 2013
Taun ieu,
gupernurJawa Barat mere panghargaan ka sababaraha urang tokoh sarta palaku seni
budaya jeung pariwisata.Pamasrahan panghargaan lumangsung dina acara
kilas balik “Anugerah seni-budaya jeung Pariwisata 2013” di Hotel Horison,
Jalan Pelajar Pejuang, Kota Bandung, Kemis peuting (19/12).
Nu narima
panghargaan di antarana wae, opat widang husus seni jeung budaya,
11 panghargaan umum widang seni jeung budaya sarta 5 panghargaan widang
pariwisata.
Nu kasinugrahan
panghargaan aya 20 urang di antarana wae Encar Carmedi (alm) widang seniman
karawitan ti Kota Bandung, Tandi Skober (alm) widang sastra asal Kabupaten
Indramayu, R.A. Kosasih (alm) widang Seni Rupa asal Kota Bogor, Popo Iskandar
(alm) widang Seni Rupa asalKota Bandung.
Saterusna 11
panghargaan umum widang seni jeung budaya, dipasrahkeun ka Prof.
Iyus Rusliana, SST.Seniman Tari/Dosen asal Kota Bandung, Drs. Rahmat Iskandar
Purwacarita Sejarawan asal Kabupaten Majalengka, Jim Supangkat Seni Rupa asal
Kota Bandung, H. Taufik Faturohman ti Penerbit GegerSunten asal Kota
Tasikmalaya, Jatnika Nanggamiharja (Ki Jatnika) Tokoh Penca Cimande ti
Kabupaten Bogor, Drs. UbunKubarsah Budayawan asal Kota Bandung, Situs Kabuyutan
Ciburuy, widang Situs Arkeologis asal Kabupaten Garut, Sunarto Marta
Atmadja Seniman Tarling ti Kabupaten Cirebon, Dr. HM. Yus Wiradiredja Seniman
Karawitan ti Kabupaten Bandung, Ridwan Marhid Budayawan ti Kota Bekasi, H. Dedi
Mulyadi, SH (Bupati Purwakarta) Budayawan ti Kabupaten Purwakarta. Panghargaan
widang pariwisata, dipasrahkeun ka 5 palaku widang pariwisata, diantarana
Batagor Isan (wisata Kuliner) asal Kota Bandung, Sekolah Tinggi
Pariwisata Bandung widang Lembaga Pendidikan asal Kota Bandung, Ciater Spa
widang Badan Usaha asal Kabupaten Subang, Samudra Beach Hotel widang Badan
Usaha asal Kabupaten Sukabumi, sarta Exotic Java Trail widang Badan Usaha
asal Kota Bandung.
Gubernur Jawa
Barat Ahmad Heryawan dina biantarana netelakeun, anugerah ka pakar
seni budaya jeung pariwisata, mangrupa wujud apresiasi pamarentah daerah,
ku partisipasi jeung apresiasina anu kacida gede katieung jeung kanyaahna dina
mekarkeun tur ngaronjatkeun widang seni, budaya sarta pariwisata di Jawa
Barat.
Ku kituna, ceuk
gupernur negeskeun, kacida payusna pamarentah propinsi mere apresiasi
jeung apresiasi positip, kana lengkah jeung dedikasi masarakat dina
wangun prestasi nu ngangkat komara Jawa Barat.
Lima taun ka
hareup, Gubernur nandeskeun deui, pamarentah propinsi Jawa Barat baris mokus
ngaronjatkeun pangwangunan seni budaya ku cara satekah polah ngawaluyakeun
sarana/ rohang publik pikeun gelar seni budaya sarta pangwangunan/rehabilitisi
gedong seni budaya di kabupaten/ kota.
Kiwari Pemprov
Jabar geus ngabogaan sababaraha rohang publik pikeun gelar seni budaya anu bisa
dijadikeun kareueus sarta kudu dipiara, diantarana Taman Budaya, Anjungan
Jabar TMII, Gedung Kesenian Rumentang Siang, Gedung Yayasan Pusat Kebudayaan
(YPK), sarta Pondok Seni Pangandaran nu bida dijadikeun media pikeun
ngamekarkeun seni budaya di wewengkon kidul Jawa Barat.
Kepala Dinas
Pariwisata & Kebudayaan Jawa Barat Drs. Nunung Sobari MM nepikeun apresiasi
sarta panuhunna ka tim pangajen “Panghargaan Gubernur Bidang Seni, Budaya
jeung Pariwisata 2013” nu diwangun diantarana ku Prof. Dr. Hj. Nina H.
Lubis, MS (Ketua ngarangkep Anggota Bidang Budaya), Suhendi Afryanto, S.Kar.,MM
(Sekretaris ngarangkep Anggota Bidang Seni) sarta para anggotana, Drs. H.
Gugum Gumbira (Bidang Seni), Prof. Dr. Yus Rusyana (Bidang Budaya), Herry Dim
(Bidang Budaya), Drs. Djoni Sofyan Iskandar, MM (Bidang Pariwisata), H. Herman
Muchtar SE (Bidang Pariwisata), Nicolaus Lumanauw Ph.D (Bidang Pariwisata),
sarta Drs. RusmanSyarif (BidangPariwisata).***
1 komentar:
Posting Komentar